“ D u r i a t “

Kapal cai mulai jalan.

Meuni waas, lampu listrik hurung cararaang.

Ras inget ka mangsa anu tos kaliwat.

Awewe geulis make baju warna beureum bata,

Imut ngagelenyu bari ngagupayan.

Ti harita mimiti nulis di jero hate, ngancik dijero kalbu.

Mepende hate dugi ka kiwari.

Duh junjunan iraha urang tiasa patepang……?

 

Gilimanuk Ketapang, kaping 14 Mei 2014.